Carpon: Tukang Maling Eling Ku Suling - Max Ikhsan
Advertisement
Advertisement

Carpon: Tukang Maling Eling Ku Suling

carita pondok
Sumber gambar: https://pixabay.com/id/photos/pemusik-seruling-grosir-pria-tua-4581922/

Hiji mangsa mang Uning keur ngapalkeun lagu kawih bari hahariringan nganggo suling dina teras bumi. Teu kungsi lami aya jalmi anu jol nyampeurkeun sabari naros ka mang Uning. Mang, dupi jalan ka villa pak Aris ka palih mana upami tidieu.

Sapontan mang Uning ngajawab, teras we lempeng jang ka payun, kirang langkung aya 100 meter deui mah tideu, mung kahalanangan bumi janten teu katinggal.

Saur nu naros: hatur nuhun mang. 

Saur mang Uning: sawangsulna jang. 

Mang uning teu apal yen eta jalma teh aya pamaksudan nu buruk nyaeta rek maling. Mang uning teh ngangalindeng we hahaleuangan sabari susulingan:

Ngawih:

Diajar ngaji ka mang Ibing

Diwirukna teh ti Isya

Loba dosa tina maling

Di diduruk dina naraka

Sedeng eta jalma nu gaduh pamaksadan awon bade ngalengkah. Teu pupuguh jalma eta jol ceurik baririhan. Sing horeng hatena beunang ku kawih mang Uning nu ngabejaan yen mun hirup jadi tukang maling maka bakal sangsara engke di naraka. 

  • Carpon: Tukang Maling Eling Ku Suling.
  • Karya: Max Ikhsan
Ikut diskusi
Tutup diskusi
Berkomentarlah dengan bijak dan sopan!
# Silahkan tulis pesan di kolom komentar.
# Pesan akan dibalas saat saya online.
# Komentar spam tidak dipublikasikan.

Posting Komentar