Lagu Kaulinan Anak Urang Sunda - Max Ikhsan
Advertisement
Advertisement

Lagu Kaulinan Anak Urang Sunda

max ikhsan

Sampurasun!

Sebagai orang Sunda, tentu saya mengenali beberapa lagu kaulinan anak Sunda yang dulu sering di nyanyikan oleh kedua orang tua saya atau bahkan oleh kakek dan nenek saya.

Namun saat ini seperti yang kita ketahui bahwa anak-anak cendrung tidak mengetahui lagu kaulinan anak sunda yang menjadi ciri khas orang Sunda. 

Oleh karena itu dalam artikel ini saya akan menuliskan beberapa lagu kaulinan barudak Sunda.

1. Ole-ole Ogong 

Ole-ole ogong

Melak cabe di tarogong 

Dihakan ku mebe ompong 

Diteang kari sapotong 

Au au aheng 

Beuleum cau tutung geheng 

Embe embe domba 

Anak sapi tutunggulan 

Ema ema weya 

Si sahi kabuhulan 

Hayang geura diinuman 

Embe embe domba 

Anak sapi tuntunggulan 

Ema ema weya 

Sahi pupundukan 

Ku baturna ditumbukan


2. Rat-rat Gurisat

Rat rat gurisat 

Nini engrat paeh tiselap 

Tiselap kana kuciat 

Dibura ku laja tuhur laja tuhur 

Meunang ngunun meunang 

Ngunun tujuh taun….


3. Margaluyu 

Bang bang kalima lima gobang, bang 

Bangkong di tengah sawah, wah 

Wahai tukang bajigur, gur 

Guru sakola desa, sa 

Saban poe ngajar, jar 

Jarum paranti ngaput, put 

Putri nu gareulis, lis 

Lisung kadua halu, lu 

Luhur kapal udara, ra 

Ragrag di Jakarta, ta 

Taun opat hiji, ji 

Haji rek ka mekah, kah 

Kahar tujuh rebu, bu 

Buah meunang ngala, la 

Lauk meunang nyobek, bek 

Beker meunang muter, ter 

Terus ke Citapen, pen 

Pena gagang kalam, lam 

Lampu eujeung damar, mar 

Mari kueh hoho, ho 

Hotel pamandangan, ngan 

Ngantos kangjeng dalem, lem 

Lempa lempi lempong 

Ngadu pipi jeung nu ompong


4. Ayang - Ayagung

Ayang-ayanggung 

Gung goongna rame 

menak ki Wastanu 

Nu jadi wadana 

Naha maneh kitu 

Tukang olo-olo 

Loba anu giruk 

Ruket jeung kompeni 

Niat jadi pangkat 

Katon kagorengan 

Ngantos kanjeng dalem 

Lempa lempi lempong 

Ngadu pipi jeung nu ompong 

Jalan ka batawi ngemplong


5. Oray-orayan

Oray orayan 

Luar leor mapay sawah 

Tong ka sawah 

Parena keur sedeng beukah 

Oray-orayan 

Luar leor mapay leuwi 

Tang ka leuwi 

Di leuwi loba nu mandi 

Oray-orayan 

oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut 

laut naon, laut dipa, dipa naon,…dipandeuriiiii… 


6. Lalandakan

Landak landak sonari 

Kop cau kop tiwu 

Hakaneun sia janari 

Bekel miang ka batawi 

Kop jurig jarian 

Kop jurig tangkod 

Kop jurig pacilingan 

Kop jurig onom……


7. Cingciripit

Cingciripit 

Tulang bajing kacapit 

Kacapit ku bulu pare 

Bulu pare seuseukeutna 

Jol pa dalang mawa wayang jrek-jrek nong…..


8. Ambil-ambilan 

Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu 

Saha nu di ambil 

Kami mah budak pahatu 

Purah nutu purah ngejo 

Purah ngasakan baligo 

Purah tunggu bale gede 

Nyerieun sukuna kacugak ku kaliage 

Aya ubarna urat gunting sampurage 

Tiguling nyocolan dage.


9. Abdi Teh Ayeuna

gaduh hiji boneka 

Teu kinten saena 

Sareng lucuna 

Ku abdi dierokan 

Erokna sae pisan 

Sumangga tingali 

Boneka abdi


10. Tai tit tut

daun kanyere (kaliki) 

Saha nu hitut budak awewe (lalaki) 

Dibawa kasaung butut 

Balikna ngaburusut


11. Blung blong

tampelet tampa gelom 

Lalamis bulu maung 

Cerentel cantel 

Pakuong doblus


12. Colenak Beuleum Peuyeum digulaan

Awas bom batok (2x) 

Rebu rebu rada nyentok (2x) 

Leumpangna dicentok centok (2x) 

Sieun nincak tai kotok


13. Aya Hiji Kurung

pinuh ku japati 

Japati kaluar 

Disada uok uokan 

Alim karamana 

Alim ka ibuna 

Hoyong kaputrana 

Nu centik bulu socana


14. Tokecang

Tokecang Tokecang

Malik pendil tosblong 

Angeun kacang angeun kacang 

Sapariuk kosong

Aya listrik di masigit

Meuni caang katinggalna

Aya istri jangkung alit..

Karangan dina pipina...


15. Cing cangkeling

Cing cangkeling 

Manuk cingkleung cindeten 

Plos ka kolong 

bapa Satar buleneng


16. Pa deong Pa deong

Padeong pangmukakeun lawang angin


17. Perepet Jengkol Jajahean

kadempet konxxx jejeretean


18. Yuk Batur Urang Ulin Ka Cibadak

Yuk batur

urang ulin ka cibadak 

ah embung sieuna badak nu kamari 

Geus euweuh geus dibedil ku si Jendil 

Ndil ndilong si Jending dirawu kelong


19. Tongtolang Nangka

Tongtolang nangka

kawinan bapa 

Poe salasa 

Teu beja-beja 

Aduh aduh si bapa 

teungteuingeun ka ema 

Bapa mah suka suka jeuh nu ngora


20. Trang trang kolentrang

Trang trang kolentrang

Si londok paeh nundutan 

Mesat gobang kabuyutan 

Tikusruk kana durukan


21. Cang Ucang Angge

Cang ucang angger

Mulung muncang ka parangge 

Digogog ku anjing gede 

Anjing gede nu Pa Lebe 

Ari gog gog cungungung 


Apabila ada kesalahan dalam penulisan atau ketidak samaan lirik mohon dimaklumi karena ada beberapa lagu yang saya juga sudah sangat lupa sehingga hanya mengandalkan dari berbagai referensi yang saya temukan di Google.

Ikut diskusi
Tutup diskusi
Berkomentarlah dengan bijak dan sopan!
# Silahkan tulis pesan di kolom komentar.
# Pesan akan dibalas saat saya online.
# Komentar spam tidak dipublikasikan.

Posting Komentar